Drs. Muharam

Dika ngaraos syukur bagja tur sugema kuayana rahmat sareng ridho ti Allah SWT. Dina  edisi anu katujuh ieu tiasa nampilkeun guru basa Sunda anu kawilang senior di sakola urang, anu nami Drs. Aam Muharam Maulana Asidan.

Bapa Aam salah sawios wedalan Turki (Turunan Kidul), aslina mah nyaeta lahir di Tasikmalaya, 5 Maret 1958. Dina widang atikan sareng didikan, anjeuna tos biasa ngulik pangarti, ngudag pangalaman, nuntut elmu pangaweruh di lembur batur. Ti ngawitan kelas tilu nepi ka kelas lima SD anjeuna masantren di Serang Banten. Naek ka kelas genep anjeuna ngalih ka Pondok Pasantren “Santri Asromo” gaduhana Bapa K.H. Abdul Halim di Majalengka nepi ka kelas 2 SMP. Lantaran gaduh cita-cita hoyong ngantebkeun dina elmu agama, taun 1976 ngalih deui ka PGA 4 taun di teraskeun ka 6 taun di Tasikmalaya.

Ti leuleutik Pa Aam mikacinta tur resep kana ngamumule budaya Sunda. Anjeuna gaduh karep hoyong janten guru basa Sunda, ku kituna saparantos lulus ti PGA anjeuna neraskeun ka parguruan tinggi IKIP Bandung nyandak jurusan basa Sunda kalayan lulus taun 1983.

Saparantos ngagaduhan SIM (Surat Izin Mengajar) alias Ijazah ti IKP Bandung, anjeuna nimba pagalaman jadi guru di SMA Pasundan sareng di SPG Muhamadiyah Tasikmalaya ti taun 1983 dugi ka taun 1987, janten dosen di paguron luhur Universitas Siliwangi ti taun 1984 nepi ka taun 1987. Pa Aam mutuskeun liren mgajar ti SMA boh ti UNSIL Tasikmalaya kumargi anjeuna ngarasa riweuh ngatur waktu margi harita ti taun 1986 Pa Aam dipercanten ku Pamarentah diangkat janten guru Pagawe Nagri di SPG Negeri Kuningan dugi ka ayeuna.

Kalungguhan anu kungsi dicangking nyaeta janten Pangurus Paguyuban Pasundan Kabupaten Kuningan ti mimiti taun 1992 nepi ka taun 2000; Pangurus Dewan Kesenian Kabupaten Kuningan taun 1996 nepi ka taun 2002; Pupuhu MGMP Basa Sunda SMA Kabupaten Kuningan di taun 2006 nepi ka ayeuna; sareng kapercanten janten Wakasek Urusan Humas SMA Negeri 3 Kuningan Periode 2006-2008.

Sing saha anu hoyong terang tempat-tempat karamat, geura taros bae ka Pa Aam margi anjeuna mah resep pisan kana ngalalana ka tempat nu hera-heraeun sareng tempat-tempat bersejarah. Salian ti resep ngalalana, Pa Aam resep oge kana tulas-tulis. Kayaning sajak, carita pondok, babasan, essay, malah kungsi nyoba nyieun “Buku Unak-Anik Basa Sunda” jeung “Adegan Tata Basa Sunda.”

Pa Aam kiwari parantos kagungan putra lima urang kalayan linggih di padumukan Perum Ciporang. Taun 1994 anjeuna ngadirikeun Seni Bela Diri Hikmatul Iman. Ayeuna paguron H.I. nyebar ka tiap-tiap daerah. Pa Aam gaduh kayakinan rehna hirup tos aya nu ngatur. Jodo, Pati, Bagja, Cilaka mung Allah anu kawasa.

dikutip tina Majalah MARDIKA

One thought on “Drs. Muharam (Pa Aam)

Tinggalkan Balasan ke Andy Gumilang Batalkan balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

+ 3 = 7

Situs ini menggunakan Akismet untuk mengurangi spam. Pelajari bagaimana data komentar Anda diproses.